Translate

Jumat, 27 September 2013

Toga

Kongkorongok hayam geus kadenge. Hate nu dag-dig-dug tipeuting keneh beuki kadieu beuki ngajadi. Garis hideung dina handapeun panon ngagurat nuturkeun bentukna. Hiji-hiji dipoles, garis hideung handapeun panon teu katempo deui dina eunteung. Biwir nu pias ayeuna geus beureum, kongkolak mata dipulas warna warni. Endah. Teu karasa biwir mekar, seuri ku bungah. Inget ka nu mangsa nu lawas, inget ka manehna.
Mangsa netepkeun hate, mangsa kabimbang netepkeun tujuan. Baju kabaya warna bodas geus nutupan, sinjang dipasang nambah kaendahan raga. Cidung anu nutupan dada nyampurnakeun kaendahanana. Tok... tok... tok.... "Neng, hayu! Acuk toga tos ngantosan...."