“Oyik”
(Karya: Budi
Rahayu)
Hiji drama nu
ngagambarkeun dunya dina diménsi nu béda. Diménsi Oyik, budak nu miboga kalainan
(miboga kabutuhan husus) nu kupolosna nganerjemahkeun naon anu ditinggalna ku
rasa. Rasa Oyik anu beresih. Budi Rahayu, keur simkuring geus suksés
ngagambarkeun dunya nu lian nu di gambarkeun ku Oyik. Kumaha dunya
diterjemahkeun ku maranéhanana nu siga Oyik.
Loba pisan pangaweuruh nu bisa dijadikan eunteungan, wilujeung
ngawanohan Oyik J
Drama ieu nyaritakeun kaayaan Oyik
nyanghareupan kasedih ditinggalkeun ku indungna. Dina pikirana, indungna téh bageur, sok seuri, sok ngusapann,
jeung sok maréndé kamanéhna. Tapi naha indungna malah dibawa, malah dikubur.
Oyik ngarasa bapakna mah teu ngarti naon nu ku Oyik rasakeun. Oyik sok mineng cicing
dikuburan indungna, ceunah ngomongna Oyik mah cuman hayang ngabaturan indungna.
Tapi lila-lila ngagali kuburan indungna, da ceunah hayang ninggal, ninggal indungna keur naon. Oyik,
sonoeun ka indungna. Pas keur ngagali, kérék
ge sababaraha gacrukan, Mang Anang datang ngaulahkeun. Ceunah pipokeuna ka si Oyik mah indungna aya di
imah.
Oyik
langsung bungah, tapi pas di imah Oyik reuwas. Lain Ibu nu salila ieu
mikanyaah nu aya, tapi Ibu nu lian.
‘Papih’, sebutan keur bapak nu ku Oyik sapopoe sok disebut. Si Papih sok ngambeuk wae
ka Oyik, teu siga indungna. Oyik dikenalkeun ka indung jeung adi tirina. Oyik
reusepeun ka Neng Ita, adi tirina. Da ceunah Neng Ita mah bageur, tara
nyeungseurikeun, tara molototan, tara sentak sengor, sok seuri kamanéhna, jeung
sok nanya unggal papanggih. Seurina siga indungna tapi lain indungna nu ayeuna,
indungna nu ayeuna mah tara seuri kamanéhna.
Hiji
mangsa balik kuliah Neng Ita dianteurkeun ku kabogohna. Pas ditanyakeun
ngarana, Neng Ita cuman némbal “Ada Aja!!”. Atuh marukana Oyik teh kobohna Neng Ita ngarana si Ada Aja (heheh...). Si Iti (nu babantu) mah kalahkah nyengseurikeun, terus dibenerkeun
yén ngarana the Cép Dasé. Si Oyik tatanya ka Neng Ita ngenaan kabogohna begeur
atawa henteuna. Ceunah lamun galak ka Neng Ita, ké kabogohna rék ditenggeul ku Oyik. Neng Ita ngan seuri nyanghareupan kapolosan Oyik.
Hiji Maghrib Cép
Dasé datang, Oyik ngan bisa ninggalikeun di jandela, maranéhanana ngobrol di
tepas. Lila-lila laleumpang kanu poék. Lila teu balik Oyik panasaran,
nyampeurkeun weh. Pas ditinggal, Oyik ninggal Neng Ita keur ngagolér dina jukut. Oyik langsung neunggeulan Cép Dasé ku pancuh (duka pacul)
da karunyaeun ninggal Neng Ita ditindihan jeung digégélan, marukana Oyik Neng Ita rék didahar.
Untung kaburu ditulungan Papih nu karék datang ti undangan.
Saenggeus
kajadian éta Neng Ita tara seuri deui, Oyik teu ngarti da niatna gé rék
nulungan Neng Ita. Soalna keur Oyik mah nu bageur teh cuman Ibu jeung Neng Ita.
Ceuk si Iti mah gara-gara manéhna Neng Ita putus jeung kabogohna. Oyik mah teu
ngarti nanaon, “Tapi naha Neng Ita jadi kitu…?” eta nu jadi pikiran Oyik.
Ayeuna
mah Oyik sok ulina jeung hayam, di gudang. Si Bodas (ngaran hayam) anakna loba,
Oyik sok ulin jeung anak-anakna sok asa diparende oge ku si Bodas. Oyik ge sok
ngabantuan si Bodas lamun di udag-udag ku jago Beureum jeung jago Hideung. Hiji
waktu si Bodas di udag-udag ku jago Beureum jeung jago Hideung. Oyik mawa paneunggeul
da digebah-gebah jeung dibaledogan teu beunang waé. Si jago kokoceakan, datang
si Papih. Oyik ngagoréjad, si Iti ngagorowok. Datang si Amang, Oyik digeubugan
teu inget nanaon.
Sadar-sadar
leungeun jeung suku Oyik geus ditalian. Oyik teu apal kunaon, pas
sadara ngan ninggal Amang jeung Papih nu dibulen sirahna keur ngobrolkeun Oyik. Ceunah Oyik
teh geus parah. Da sainget Oyik mah manéhna mah neunggeul si Jago. Amang
ngomong si Oyik téh kudu di karumah sakit jiwakeun. Oyik mah ngan rék nulungan si Bodas, nu geus siga
indungna. Isukna Oyik dibawa kanu mobil jeung si Amang, manéhna cuman cicing teu ngalawan, bari teu nyaho rék dibawa ka
mana.
Hiji sajak ti simkuring, pikeun
pamungkas
“Oyik”
(Lamun
Oyik bisa nyajakeun dunya)
Dunya...
Ieu téh dunya?
Kadangu sorana
Tapi naha karasa, simpé
‘di dieu’... ‘di haté’.... ‘di dunya’
Da euweuh Ibu...!!! L
Ibu... kamana ari Ibu?
Ongkoh moal ninggalkeun
Oyik
Ongkoh bakal ngajaga Oyik
Naha ibu kalahkah cicing
waé?
Naha cicing ditutupan ku
taneuh téh?
Ibu?Si papih mawa ‘Ibu’
Tapi naha da lain Ibu éta
mah..
Ibu mah da bageur, sok
seuri
Naha si Papih meuni galak
Bu, ka Oyik téh?
Naha meuni bageur pisan ka
‘Ibu’ nu anyar?
Bu, batur nyebut Oyik
gélo..
Nya kitu Bu, Oyik téh
gélo?
Oh, nu kieu nu gélo téh
Bu? Nu siga Oyik Bu?
Oyik badé nulungan Ibu,
ngagali taneuh nu nuruban
Ibu
Oh, kieu gélo téh Bu?
Lamun anu sok ngahinaan
Oyik?
Lamun anu sok molototan
Oyik?
Lamun anu sok
nyengseurikeun Oyik?
Éta nu gélo sanés Bu?
Meureun lain, ah..
Da ceuk batur ogé, nu gélo
téh nu siga Oyik nya Bu?
Ibu Oyik ayeuna ditalian..
Nyeri Bu, Oyik nyeri...
Oh, nu gélo téh dikieukeun
nya Bu?
Tapi Oyik gé da nyeri Bu
lamun dinyenyeri!
Oh, Oyik téh gélo? Muhun
Bu?
Oh.. kieu dunya téh
Meuni ramé nya Bu? Tapi
simpé karasana
Da taya Ibu atuh da..
Ibu, Oyik aya di mobil anu
bunyi
Oyik bakal dikumahakeun
nya Bu?
Bakal dipiceun kitu?
Bakal digebugan?
Atawa bakal di ajak ka
Ibu, anu nyaah ka Oyik?