Translate

Jumat, 31 Januari 2014

Nyajakeun Dunya

“Oyik”
(Karya: Budi Rahayu)

Hiji drama nu ngagambarkeun dunya dina diménsi nu béda. Diménsi Oyik, budak nu miboga kalainan (miboga kabutuhan husus) nu kupolosna nganerjemahkeun naon anu ditinggalna ku rasa. Rasa Oyik anu beresih. Budi Rahayu, keur simkuring geus suksés ngagambarkeun dunya nu lian nu di gambarkeun ku Oyik. Kumaha dunya diterjemahkeun ku maranéhanana nu siga Oyik.  Loba pisan pangaweuruh nu bisa dijadikan eunteungan, wilujeung ngawanohan Oyik J
            Drama ieu nyaritakeun kaayaan Oyik nyanghareupan kasedih ditinggalkeun ku indungna. Dina pikirana, indungna téh bageur, sok seuri, sok ngusapann, jeung sok maréndé kamanéhna. Tapi naha indungna malah dibawa, malah dikubur. Oyik ngarasa bapakna mah teu ngarti naon nu ku Oyik rasakeun. Oyik sok mineng cicing dikuburan indungna, ceunah ngomongna Oyik mah cuman hayang ngabaturan indungna. Tapi lila-lila ngagali kuburan indungna, da ceunah hayang ninggal, ninggal indungna keur naon. Oyik, sonoeun ka indungna. Pas keur ngagali, kérék ge sababaraha gacrukan, Mang Anang datang ngaulahkeun. Ceunah pipokeuna ka si Oyik mah indungna aya di imah.
Oyik langsung bungah, tapi pas di imah Oyik reuwas. Lain Ibu nu salila ieu mikanyaah  nu aya, tapi Ibu nu lian. ‘Papih’, sebutan keur bapak nu ku Oyik sapopoe sok disebut. Si Papih sok ngambeuk wae ka Oyik, teu siga indungna. Oyik dikenalkeun ka indung jeung adi tirina. Oyik reusepeun ka Neng Ita, adi tirina. Da ceunah Neng Ita mah bageur, tara nyeungseurikeun, tara molototan, tara sentak sengor, sok seuri kamanéhna, jeung sok nanya unggal papanggih. Seurina siga indungna tapi lain indungna nu ayeuna, indungna nu ayeuna mah tara seuri kamanéhna.
            Hiji mangsa balik kuliah Neng Ita dianteurkeun ku kabogohna. Pas ditanyakeun ngarana,  Neng Ita cuman némbal  “Ada Aja!!”. Atuh marukana Oyik teh kobohna Neng Ita ngarana si Ada Aja (heheh...). Si Iti (nu babantu) mah kalahkah nyengseurikeun, terus dibenerkeun yén ngarana the Cép Dasé. Si Oyik tatanya ka Neng Ita ngenaan kabogohna begeur atawa henteuna. Ceunah lamun galak ka Neng Ita, ké kabogohna rék ditenggeul ku Oyik. Neng Ita ngan seuri nyanghareupan kapolosan Oyik.
Hiji Maghrib Cép Dasé datang, Oyik ngan bisa ninggalikeun di jandela, maranéhanana ngobrol di tepas. Lila-lila laleumpang kanu poék. Lila teu balik Oyik panasaran, nyampeurkeun weh. Pas ditinggal, Oyik ninggal Neng Ita  keur ngagolér dina jukut. Oyik langsung neunggeulan Cép Dasé ku pancuh (duka pacul) da karunyaeun ninggal Neng Ita ditindihan jeung digégélan, marukana Oyik Neng Ita rék didahar. Untung kaburu ditulungan Papih nu karék datang ti undangan.
            Saenggeus kajadian éta Neng Ita tara seuri deui, Oyik teu ngarti da niatna gé rék nulungan Neng Ita. Soalna keur Oyik mah nu bageur teh cuman Ibu jeung Neng Ita. Ceuk si Iti mah gara-gara manéhna Neng Ita putus jeung kabogohna. Oyik mah teu ngarti nanaon, “Tapi naha Neng Ita jadi kitu…?” eta nu jadi pikiran Oyik.
            Ayeuna mah Oyik sok ulina jeung hayam, di gudang. Si Bodas (ngaran hayam) anakna loba, Oyik sok ulin jeung anak-anakna sok asa diparende oge ku si Bodas. Oyik ge sok ngabantuan si Bodas lamun di udag-udag ku jago Beureum jeung jago Hideung. Hiji waktu si Bodas di udag-udag ku jago Beureum jeung jago Hideung. Oyik mawa paneunggeul da digebah-gebah jeung dibaledogan teu beunang waé. Si jago kokoceakan, datang si Papih. Oyik ngagoréjad, si Iti ngagorowok. Datang si Amang, Oyik digeubugan teu inget nanaon.
            Sadar-sadar leungeun jeung suku Oyik geus ditalian. Oyik teu apal kunaon, pas sadara ngan ninggal Amang jeung Papih nu dibulen sirahna keur ngobrolkeun Oyik. Ceunah Oyik teh geus parah. Da sainget Oyik mah manéhna mah neunggeul si Jago. Amang ngomong si Oyik téh kudu di karumah sakit jiwakeun. Oyik mah ngan rék nulungan si Bodas, nu geus siga indungna. Isukna Oyik dibawa kanu mobil jeung si Amang,  manéhna cuman cicing teu ngalawan, bari teu nyaho rék dibawa ka mana.
            Hiji sajak ti simkuring, pikeun pamungkas
“Oyik”                                                                                                                                         (Lamun Oyik bisa nyajakeun dunya)
Dunya...
Ieu téh dunya?
Kadangu sorana
Tapi naha karasa, simpé ‘di dieu’... ‘di haté’.... ‘di dunya’
Da euweuh Ibu...!!! L
Ibu... kamana ari Ibu?
Ongkoh moal ninggalkeun Oyik
Ongkoh bakal ngajaga Oyik
Naha ibu kalahkah cicing waé?
Naha cicing ditutupan ku taneuh téh?
Ibu?Si papih mawa ‘Ibu’
Tapi naha da lain Ibu éta mah..
Ibu mah da bageur, sok seuri
Naha si Papih meuni galak Bu, ka Oyik téh?
Naha meuni bageur pisan ka ‘Ibu’ nu anyar?
Bu, batur nyebut Oyik gélo..
Nya kitu Bu, Oyik téh gélo?
Oh, nu kieu nu gélo téh Bu? Nu siga Oyik Bu?
Oyik badé nulungan Ibu,
ngagali taneuh nu nuruban Ibu
Oh, kieu gélo téh Bu?
Lamun anu sok ngahinaan Oyik?
Lamun anu sok molototan Oyik?
Lamun anu sok nyengseurikeun Oyik?
Éta nu gélo sanés Bu?
Meureun lain, ah..
Da ceuk batur ogé, nu gélo téh nu siga Oyik nya Bu?
Ibu Oyik ayeuna ditalian..
Nyeri Bu, Oyik nyeri...
Oh, nu gélo téh dikieukeun nya Bu?
Tapi Oyik gé da nyeri Bu lamun dinyenyeri!
Oh, Oyik téh gélo? Muhun Bu?
Oh.. kieu dunya téh
Meuni ramé nya Bu? Tapi simpé karasana
Da taya Ibu atuh da..
Ibu, Oyik aya di mobil anu bunyi
Oyik bakal dikumahakeun nya Bu?
Bakal dipiceun kitu?
Bakal digebugan?
Atawa bakal di ajak ka Ibu, anu nyaah ka Oyik?


Tidak ada komentar:

Posting Komentar