Translate

Rabu, 12 Agustus 2015

Siti Rayati



Patimah
(Dina Hina jadi Mulya)
 ku : Liska Puri
Judul Buku         : Siti Rayati
Pangarang          : Moh. Sanoesi
Pamedal             : Kiblat Buku Utama
Taun medal        : 2013
Citakan               : ka-2


S
iti Rayati mangrupakeun hiji karya nu lahir saméméh kamardékaan. Karya Moh. Sanoesi ieu, mimiti medal tahun 1923 di Bandung ku Penerbit Dachlan Bekti. Tuluy tahun 2013 dipedalkeun deui ku Kiblat.
Moh Sanoesi (Cimaragas, Ciamis 1989 – Jakarta, 08 Oktober 1967) sorangan mangrupakeun tokoh pargerkan, wartawan, jeung pangarang. Sanajan diajarna mah di sakola guru HIK Bandung, tapi anjeuna leuwih milih ancrub di widang jurnalistik jeung pargerakan (Sarékat Islam).
            Roman nu kandelna 75 halaman ieu, nyaritakeun jalan kahirupan hiji wanoja anu dipiceun ku indungna ti orok beureum di Désa Cirayati. Tuluy éta budak téh di kukut, diangkat jadi anak ku Juragan Wadana (Lurah) sareng istrina lantaran tacan dipaparin turunan waé. Lantaran dipiceuna di Désa Cirayati, diaranan wéh Siti Rayati ku Nyai Lurah, nu engkéna sok disebut Gan Titi. Ari ibu tegesna sorangan ngarana Patimah, wanoja nu lahir dina kulawarga miskin.
Hiji waktu patimah ngangantikeun indungna gawé di kebon entéh Walanda, lantaran indungna geuring. Tuluy manéhna papanggih jeung Tuan Steenhart, Juragan Kawasa (JK) di éta tempat. Ari JK téh resepeun ka Patimah, lantaran mirip jeung Nyi Nénéng,  istri JK nu nembé ngantunkeun. Tuluy Patimah téh dideukeutan, nepi ka akhirna beunang kaparawanana ku JK. Tapi Patimah teu nyarita ka sasaha, komo deui ka indungna,  da sieun jadi pikiran. Sababaraha waktu Patimah nendeun sorangan kasieun jeung kapeurihna nepi ka manéhna hamil tuluy diculkeun. Pas ménta tanggung jawab ka JK, Patimah kalahkah dihina jeung diharé-harékeun. Patimah masrahkeun hirupna jadi korban palampiasan napsu Bangsa Bodas. Patimah tuluy indit ninggalkeun éta daérah, nepi ka diampihan ku Ibu nu boga warung. Pas tepi ka waktuna ngalahirkeun, Patimah indit bari teu babasa ka nu boga warung. Patimah ngalahirkeun sorangan di kebon ganas, tuluy kapaksa ninggalkeun budakna di kebon.  Pas Siti Rayati (SR) geus gedé, Nyai Lurah ngantunkeun. Juragan Kawadanaan nikah deui wéh, tapi kurang akur jeung Gan Titi, ongkoh judes teu ngurus siaga ka anak teges.
Sanajan dipiceun, dipisahkeun ku raga, ari takdir mah béda deui. Patimah jadi babu tukang nyeuseuh anyar di imah Siti Rayati. Tapi henteu pada apal yén maranéhanana téh indung jeung anak. Teu lila di éta Juragan Kawadanaan ngantunkeun, sataacan ngantunkeun tos aya obrolan yén SR badé nikah sareng jurnalis asal Semarang. Saentos Juragan Kawadanaan ngantunkeun, SR kérék apal yén manéhna anak kukut. Pas aya berita Tuan Steenhart ngantunkeun, Patimah tuluy nyarita pangalaman hirupna ka SR. Tidinya wéh SR apal yén babuna téh ibu teges manéhanana. Tuluy SR ngagabrug ka Patimah, ngarumasakeun jadi anak,  pabaur rasa suka, duka, asih jeung sedih. Singketna tuluy Siti Rayati jeung Patimah pindah ka Semarang nuturkeun salakina jadi jurnalis, nyepeng péna ngabéla rahayat taya kuciwana.
        Ieu roman mangrupakeun salah sahiji karya nu ngagambarkeun kasangsaraan rahayat Indonésa nyangharepan para Bangsa Bodas (Walanda). Salah sahiji korbana, nya para wanoja Sunda anu jadi palampiasan napsu kaum Walanda. Kahormatan jeung kasucian dirampas, dijadikeun cocoan nepi ka bosena.  Tuluy dipiceun, dianteupkeun, jeung diculkeun, siga nu dialaman ku Patimah, ibu teges Siti Rayati.
         Moh Sanoesi nyuguhkeun gambaran kumaha lemahna rahayat, khususna wanoja, nyangharepan kabiadaban kaum panjajah. Lemah, euweuh tanaga jeung kawasa keur ngalawan. Paribasana lamun paéh gé euweuh hargana. Kitu kayaan nu kudu dialaman ku rahayat leutik nu euweuh kawasa.
         Kelas sosial kagambar jelas pisan dina ieu carita. Siti Rayati ogé lamun teu dipicieun jeung teu dikukut ku Juragan Kawadanaan mah, moal disebut Gan Titi. Saukur bakal dikenal Siti Rayati anak Patimah babu seuseuh, atawa Siti Rayati anak Patimah korban kabiadaban Tuan Steenhart. Saha nu boga kelas paling luhur éta nu paling boga kawasa. Ari nu teu boga kadudukan mah, cicing wé dipikababu ku batur (ku bangsa Bodas), sanajan cicing di nagara sorangan.  
Patimah meureun dina carita ieu lain jadi tokoh utama, ngarana mémang henteu dijadikeun judul. Tapi keur simkuring  Moh Sanoesi lain nyaritakeun kumaha  jeung saha Siti Rayati. Tapi nyaritakeun Patimah ibu teges Siti Rayati nu ngalalana neleugan kapeurih dina dominasi kelas nu aya di jaman éta, jaman Bangsa Bodas kawasa. Hal ieu ogé nu ngagerakeun para pamuda jadi tokoh pargerakan harita. Ogé nu dilakonanan Gan Titi jeung carogéna, ngabéla rahayat dina widang jurnalis. Supaya euweuh deui rahayat Indonésa nu jadi babu keur bangsa lian di nagara sorangan. Supaya bisa nyirnakeun kahina jadi mulya. Supaya euweuh deui nu siga Patimah. Jeung supaya wanoja komo deui nu jadi indung bisa ditempatkeun dina ditempatna, “MULYA”.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar