Translate

Minggu, 22 Desember 2013

Srie Sunarsasi Hirup jeung Enas
Liska Puri

S
rie Sunarsari, mangrupa salah sahiji novel anu medal di taun 2013. Buku nu kandelna 145 kaca ieu dimedalkeun ku Kiblat dina bulan Oktober tahun 2013. Ieu buku téh citakan kahiji.
Enas Mabarti, pangarang ieu novel/roman lahir di Tasikmalaya, 04 Nopémber 1942.  Mimiti wawanohan jeung dunia pulitik waktu kuliah di UGM, Yogyakarta. Haritana ogé manéhna aktif di Pemuda Ansor. Harita Enas mukim di Pasantrén Krapyak pingpinan suargina K.H. Ali Maksum, nu kungsi janten Rais ‘Am Syuriah NU, tur nyabakeun Enas beuki dalit jeung NU. Enas kungsi jadi DPRD Garut, ogé aktif di partai-partai, anjeuna janten sayap NU. Ogé ngarintis ngajar di STISIP Garut anu tuluy ngagabung jadi Universitas Garut.
Karya Enas Marbarti ieu nyaritakeun Srie Sunarsari, mahasiswi tingkat tilu jurusan Hubungan Internasional  UGM anu di lamar ku Prof. Ahmad Ghazali, nu mangrupa dosena sorangan. Aya kabimbang na manahna, nalika mikiran lamaran éta. Lain gara-gara panyakit TBC anu dipikaboga ku Prof Ahmad hungkul, tapi manéhna ngarasa teu pantes. Tapi tuntungna mah manéhna mantep narima lamaran Prof. Ahmad, sanajan nyaho umur pisalakieuna geus diponis teu panjang,  dijurung ku rasa cinta jeung tekad manéhna nu hayang  jadi jalma anu boga harti keur batur.
Kitu téa hirup nu geus kudu dijalanan ku Srie, keur gedé beuteng, ditinggalkeun ku salakina. Aduh pohara nalangsa haténa, najan sedih nalangsa na haté tapi manéhna ngaikhlaskeun kana kaayaan, manéhna sadar manéhna téh kudu kuat. Saacan ngantunkeun, salakina nitip pesen keur Ibrahim, sobat Srie, supaya ngajaga Srie jeung anakna. Lain sagawaya milih jalma pikeun ngajaga, tapi lantaran salakina geus apalen disaacan nglamar Srie, yén Ibrahim Musa atawa Aim boga rasa ka Srie, kitu ogé Srie, ngan duaanana can nyaradareun.
Karasa pisan kumaha rasa cinta nu aya na haté Aim, pas Srie ditikah ku Prof. Ahmad. Tapi teu nyirikeun, ari pas diamanatan kitu ku almarhum, manéhna ngarasa aya kasempetan pikeun jadi salaki Srie. Gedé pisan bélana keur Srie téh sampai-sampai mukim di pasantrén Krapyak. Kitu oge Srie, manéhna ngarasa nyaah ka Aim. Karasana mah saenggeus ditinggalkeun salakina, da kapanan Aim téh terus waé satia ngajaga jeung ngabaturan Srie, kaayaanana siga ngagantikeun tugas salakina.
Tapi Srie sadar, manéhna randa, Aim asa jauh pisan keur manéhna. Srie ngarasa teu pantes keur Aim, manéhna sieun jadi masalah pikeun kahirupan Aim, sanajan manéhna geus nyaho yén  Aim ogé boga rasa nu sarua ka manéhna. Kitu ogé Aim nu ngarasa lancang geus boga rasa ka Srie, manéha bingung. Béda jeung Srie anu ngahariwangkuen hirup manéhna lamun nikah jeung Srie, lamun Aim mah pabuliut antara haté jeung nagara. Harita téh kaayaan pulitik keur di obrak-abrik, masih acak-acakan saméméh paristiwa G-30 S/PKI. Tapi kitu deui takdir, tuntungna mah dua pikiran nu béda ieu pahiji, ku dua haté nu saling mikanyaah.
Dina  ieu roman, Enas Mabarti ngagambarkeun kaayaan nagara, hususna di Yogyakarta. Katinggal pisan dina sampulna, gambar wanoja keur ngais budak, di handapna aya leungen-leungen siga nu keur démo. Pas ninggal sampulna, ari sugan téh ieu novel nyaritakeun ngenaan wanoja nyangharepan hirup dina dominasi lalaki anu mikaresep manéhna.  Reuwas pisan pas macana simkuring téh, beda pisan jeung pipikiran. Ngan aya nu luyu, Srie Sunarsasi émang hirup na jaman éta. Jaman kaayaan keur ramé-raména masalah pulitik jeung pasoalan nagara jeung Malaysa. Da enya kapanan Enas téh hirup dina jaman itu. Jaman dimana Srie Sunarsasi hirup.
Enas téh hirup dina jaman Srie Sunarsasi hirup, Srie Sunarsasi hirup dina jaman Enas. Bisa jadi sajaman.
Ari bédana mereun,  Enas mah nu nyipta, Srie Sunarsasi mah hasil karyana. Bisa waé Enas ogé hirup dina carita ieu. Da carita ieu jeung Enas téh sajaman lain.  Bisa waé Enas téh hirup dina salah sahiji tokoh dina ieu novel. Saha nu dibayangkeun ari disuguhkeun kumandang siga bieu.  “Ibrahim Musa” atawa “Aim”, (“luyu?”). Alesana sarua hirup na jaman nu sarua, kaayaan Enas pas kuliah di UGM, luyu jeung kaayaan Aim pas kuliah di UGM. Hanjakal teu diceritakeun di novel ieu, orang mana aslina ari Ibrahim Musa téh. Ka duana, Aim jeung Enas, sarua mukim di pasantren Krapyak, pimpinana oge luyu pisan, K.H Maksum. Ku sim kuring teu disebatkeun dina sinopsis, jadi K.H  Maksum téh guru spiritual Srie Sunarsasi, ogé anu ngalamarkeun Srie keur Prof.
Srie Sunarsasi, ogé bisa waé ngan saukur carita karangan murni Enas Mabarti. Apanan aya anggapan yén karya téh ngagambarkeun kaayaan zaman pas karya éta ditulis. Sanajan terbit di taun 2013, tapi Srie Sunarsasi sukses nyuguhkeun gambaran kaayaan jaman dina masa-masa tahun 1960-han kanu maca. Aya atawa henteuna, Srie Sunarsasi jeung carita hirupna, ogé kaayaan pas Srie hirup, geus karekam dina karya ieu. Fiksi atau henteuna, Srie Sunarsasi jeung caritana bakal kakenang dina ieu carita, nu ngagambarkeun kaikhlasan hiji wanoja, anu ikhlas “méré harti keur kahirupan batur”. Wanoja anu kuat, ngalaman kaayaanana nyangharepan hirup ditinggalkeun salakina. Srie Sunarsasi émang hirup, hirup jeung Enas. Hirup dina hasil Enas ngalenyepan dunya, hirup dina karya ieu, di haté nu maca, ogé na haté  Enas Mabarti (alumnus mahasiswa UGM, nu pernah nyantri di Pasantrén Krapyak K.H. Maksum).

Wilujeng ngaleunyepan hirupna Srie Sunarsasi dina dunyana Enas J

Tidak ada komentar:

Posting Komentar