Translate

Selasa, 01 Oktober 2013

Sajak

Bismillahirrahmanirrahim....
“Sajak”

1.   Harti Sajak
Sajak nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah éngang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran). Ku kituna, dina mimiti kalahirana, puisi ieu mindeng disebut sajak bébas atawa sanjak bébas.

2.   Ciri jeung Warna
Sajak jeung puisi tradisional mibogaan ciri nu béda, utamana lamun dibandingkeun jeung dangding, sisindiran, sarta syair nu pakait pisan jeung ku aturan padalisan (bait), larik, jeung éngang. Sajak émang bébas dina aturan, tapi sipatna rélatip. Kusabab sajak masih ngapertahankeun macem-macem konvensi puisi. Misalna, dina hal diksi jeung susunan kecap. (Iskandar, 1993 : 130)
Dina segi bentuk, puisi sajak némbongkeun kaberagamana. Para panyair geus nyabak macem-macem bidang kahirupan nu lega, siga filsafat, sosio ekonomi, sosio politik, salian ti masalah cinta tanah air, rasa kabangsaan, sarta masalah panghayatan kaagamaan jeung katuhanan.
Dina bentuk tipografi, misalna aya nu konvensional nyaéta anu larikna ditulis sajajar ti luhur ka handap, aya ogé nu non konvensional nyaéta anu larikna teu sajajar atawa taya pisan larikna. Nu terahir ieu disebutna sajak Nirbati.
Conto bentuk sajak konvensional :
“PIPUISIEUN NU NARUMPI”  (Wahyu Wibisana, 1979)

Manggih puisi di jalan pasampangan
Dipulung tuluy diimahan ku kekecapan
Tapi mindeng ngalimba teu kadareudan
Kakelar teu kageteran
Ieuh jeung deudeuh kapireukeun
Alah jeung nyaah kakembakeun

Mangketi-keti pipuisieun anu narumpi
Katepi ku surti teu katepi ku sari

Conto bentuk sajak non konvensional :
“ ROH” (Eddy D. Iskandar)

Ilangragaayukuburna
Ilangrohilangraga
Rohayaragaaya
Torehraga

R
                        O
                                    H
D i m a n a      
                   ?

Salian ti kabeungharan isi jeung tifografi, sajak sunda ogé nembongkeun kabeungharan jeung bentuk-bentuk “pangucapan”, nu dikelompokkeun jadi :
1)      Sajak Epik, nyaéta sajak nu nyarita.
Conto :
“JANTE ARKIDAM” (Ajip Rosidi)

Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gombang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Jantre Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggeng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Jantre Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung
Jante raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sosoroting sinar
........................................................

2)      Sajak Lirik, nyaéta sajak nu ngagambarkeun pikiran jeung parasaan pribadi si panyair.
Conto :
“LAGU PATURAY” (Surachman RM)

Soara nyawa kari sakesetan napas biola
Ngeleperkeun lagu lumayung hideung
Tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung
Luang ka tukang ngulahek nembongan lila

Sakesetan duh kaseketan ti dinya sirna
Mutiara kuring tina watangna
Napas biola nu ngagerihan
Nyekleukna jero tangkeupan

3)      Sajak Naratif, nyaéta sajak nu maparkeun hiji kajadian.
Conto :
“SISI BALONG NGOLETRAK”  (Yus Rusyana)

Umurna sawelas taun kira-kira
Na tonggongna buntelan ku samping beureum
Kopéahna buludru belél henteu cuplak
 Kawas tibra sisi balong ngagolétak

Irungna, biwirna, ramo-ramona, jeung dampal sukuna
Geulang karét dina pigeulangna leungeun kénca
Na sukuna ya patlot solobong awi
Deukeut kuciat buku-bukuna pabalatak
.................................................................

3.   Mangsa Kalahiran  jeung Kamekaran
Ninggal dina periodesasi kasusastraan sunda nu disusun ku Yus Rusyana, sajak mimiti kalacak kaayaanana dina mangsa kalima (sabada kamardékaan). Sarua jeung carpon, dina mangsa éta sajak gé sok digelar dina majalah. Baheula anu geus terbit mangrupa buku mung sawatara baé, salah sahiji contona nyaéta,  “Lalaki di Tegal Pati” (1963) ku Sajudi.
Dina wangun kasusastraan Sunda, Sajak téh kaasup dina katégori Sastra Moderen. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1950) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak", kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa. Kaitungna mah sajak téh katinggaleun sawatara mangsa lamun dibandingkeun jeung kayaan sajak dina kasusastraan Indonésia, nu geus ditulis ti angkatan pujangga anyar. Sanajan kitu, sarua halna jeung sastra Indonésia, sajak dina kasusastraan sunda gé ngalaman kamekaran nu tarik.
Sajak mangrupakeun puisi nu paling kasohor, dina mangsana[1]. Sabab harita, hampir unggal minggu sok aya dina macem-macem média, boh majalah, koran, atawa tabloid. Kukituna jadi aya harti nu salah ngenaan sajak, yén puisi téh sajak. Padahal, sajak mung mangrupakeun salah sahiji bentuk dina macem-macem bentuk puisi.
Ceuk Wahyu Wibisana Kalahiran sajak mangrupakeun alternatip tina bentuk puisi. Alternatip éta henteu dina wangun bentukna wungkul, tapi ogé dina cara ngabacana. Aya nu robah dina cara ngabacana, nyaéta dina nu mimitina ditembangkeun ka cara bacaan nu biasa (taun 1960 disebut deklamasi).
Aya sasabaraha panyair nu dianggap parintis sarta sakaligus nu nga-populérkeun bentuk sajak dina kasusastraan sunda. Nyaéta :
-          KTS (Kadir Tisnasudjana)
-          Kis Ws (Kisma Wiriasasmita : 1922-1995). Sanajan mangrupakeun karya anyar, mung masih nincak kana budaya karuhun. Lain ngan  bahasa, tapi  pangaruh nilai-nilai dangding gé masih jadi ilham keur para pangarang puisi sunda pikeun nganuangkeun ekspresina.
-          RAF (Rahmatulloh Ading Affandi), ninceuk kana sastra karuhun[2].
-          Sajudi (1932-2000), ninceuk kana sastra karuhun.
-          Etti R.S, ninceuk kana sastra karuhun.
-          Wahyu Wibisana, ninceuk kana sastra kiwari. Panyair ieu ogé pernah digelaran jadi pajuang sajak bebas.
-          Godi Suwarna, ninceuk kana sastra kiwari.

a.    Polémik na[3] Mangsa Mimiti Lahir
Dina sasabaraha bentuk puisi, bentuk puisi dangding nyepeng tempat nu paling gedé dina kamekaran sastra sunda ti masa saméméh perang, tema nu didangdingkeuna utamana sakitar alam jeung cinta. Ku kituna, wawacan tarik mekarna dina kasusastraan sunda. Mimiti di acara salamatan-salamatan leutik nepi ka acara nu gedé, danding dina wawacan (beluk), geus boga tempat nu husus dina hate masarakat. Ieu terus aya nepi ka mangsa akhir panjajahan Jepang, malah mah danding gé sok sering kadéngé sabada paperangan.
Ninggal kaayaan éta, teu jadi reuwas mun bijil réaksi  panolakan ti masarakat Sunda ku ayana bentuk puisi sajak bébas nu bijil na mangsa sabada paperangan. Polémik ngenaan kaayaan sajak bébas, barijil dina sawatara majalah. Misalna siga nu ku Ki Sunda dilakonan dina majalah Sunda . Henteu cicing ogé, Kis. Ws jeung R.A.F salaku tokoh pajuang (atawa nu ngapertahankeun) sajak bébas, dina majalah Warga. Partahanan jeung parjuangan Kis. Ws éta, karasa dina dua sajakna, nyaéta “Banda Pusaka” (1953) jeung “Sinar Suci” (1954).
Karya-karya sajak terus barijil di pas ayana pertentangan pihak fanatik danding nu mangrupakeun warisan budaya karuhun, jeung pihak partahanan sajak nu jadi pangaruh hade ti Angkatan 45 sastra Indonésa. Misalna karya Wahyu Wibisana (Warga, 1954) :
         SORÉ-SORÉ,,
Angin peuting geus mimiti ngadalingding
Dangdaunan suméar hawar-hawar
Ngelap-ngelap pucuk awi dina dasar hideung

Sora adan ngadeukeutan ngajauhan
Tuh ti ditu ti tajug tempat ibadah
Matak éling kawiwitan
Nu aya sumanding musna

Haté rusras jeung nalangsa
Baheula bihari  némbongan deui
Keur hirup teu ngaji diri

Hate ngarasa jeng nyebut enya
Sihoréng hirup keuna ku tungtung
Sinar pajar mo awor jeung sinar layung

Sanajan na taun 1954 geus réa sajah nu terbit, mung polémik masih wae aya. Malah mah Ayip Rosidi nyebutkeun, yén puncak polémik kajadian pas Wahyu Wibisana nulis artikel ngenaan sajak na majalah Warga nu disanggah ku Yuyu Yuliati. Puisi sajak nunjukeun kamekaran nu tarik taun 1955, ku ayana 26 sajak karya Eddi Tarmiddi. Lewat sajakna “Dangding Jeung Sajak”, Eddi Tarmiddi nu kadang-kadang make ngaran samara Sunda Heralina, masih nunjukeun ayana polémik ngenaan sajak. Sajak nu ditulisna éta ditujukeun ka Yuyu Yuliati, panyanggah tulisan Wahyu Wibisana dina majalah Warga (1955).

b.    Kamekarana Kiwari
Ti mangsa kalahirana tepikeun ka ayeuna, sajak geus jadi bagéan dina Khazanah Kasusastraan Sunda. Ti  saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari, ngalahirkeun panyair-panyair jeung karya-karya anyar. Mun ayeuna mah dibasakeuna téh,  ‘mekar jaman, mekar ogé sajak’. Kamekaran sajak gé kabantuan ku jaman, maksadna mekarna jaman ngahasilkeun teknologi jeung media-media anyar. Mun basa éta mah mung di majalah, kiwari para panyair nerbitkeun ogé karyana di blog, facebook, jeung sajabana.
           
(Fakultas Ilmu Budaya, 06 Januari 2013)
                                                          Kaapuur Madinah




Daptar Pustaka

-          Rosidi, Ajip. 2007. “Sajak Sunda”. Bandung : Kiblat
-          Rusyana, Yus. 1969. Galuring Sastra Sunda. Bandung : Gunung Larang
-          Rusyana, Yus. dkk. 1979. Puisi Sunda Selepas Perang Dunia Kedua. Jakarta : Departemen Pendidikan dan Kebudayaan (Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa)
-          Tim Peneliti Fakultas Sastra. 1995.  “Antologi Puisi Sunda. Bandung : Fakultas Ilmu Budaya Unpad.

Sumber  séjén :
-          http//www.anneahira.com
-          http//www.wikipedia.com






[1]  Kusabab ieu parnyataan dina hasil panalitian taun 1995
[2]  Maksad simkuring nyebat sastra karuhun téh, sami hartosna masih nyandak budaya sastra    karuhun.
[3] ‘Na’ didinya hartina ‘di’

Tidak ada komentar:

Posting Komentar