Sepi
karasana, lamun beurang mah teu sakeeung ieu. Angin nu ngaliwat népakeun
katiris nu nangtungkeun bulu punduk, nambah kasieun nu ngagunduk dina manah.
Aya motor nu ngaliwat, atuh buru wé ngudag. Lain ngudag keur ngilu naék, tapi
supaya henteu sorangan teuing leumpangna (hhe). Padahal mah di jalan juragan ka
imah téh teu jauh, tapi asa nu lila wé karasana lamun leumpang, komo deui
sorangan. Gék wé diuk na harepeun tipi. Durugdug datang Mang Ayi, béja mah uih
di Muludan.
“Ihh,
meuni harariwang nya.. hawar-hawarna téh!”.
“Kunaon
kitu, mah?”. Kuring nanya.
“éta
jurig kuda!”.
“Oh,
tadi Haji Ébés metakeun ka abdi, téh!”.
“Kumaha
kitu mang?”
“jadi
baheulana téh, émang éta kuda nu Juragan. Biasana sok dipaké keur nganterkeun
pangantén ka kaum!”.
“Terus
naha atuh nya, lamun didinya téh sajajalan pasti béda hawana, yi?”
“Sugan
téh Ayi hungkul nu ngarasa, tétéh ogé ningan nya?”
“ihh,,
kabéh ngararomong mereun!”.
“Ari
petakeun Mang Haji mah, baheulana téh kan emang di daérah éta mah Juragan nu
paling beunghar. Ceunah ieu mah, Juragan téh pernah susumpahan yén moal aya nu
bisa ngleuwihan kabengharana. Lamun aya nu kitu, bakal langsung pareum éta nu
ngaleuwihan”.
“Wah
maenya, Mang? Asa nu teu percaya, da putra-putrana barageur. Komo Almarhum Mang
Eno mah!”
“Enya,
tapi da buktina kitu. Sok tilikan éta warung Batak nu payu téa. Ceunah matak
pindah gé da barang béak, duit areweuh. Terus nu nyéwakeuna gé Kang Yosi sarua
kitu. Ari pas parindah mah ceunah kaitung batina gé”.
“naha
bet matih éta sumpah, Mang?”
“Heueuh
cenah gara-gara bobogaanana!”
“Munjung,
Yi?”.
“Hiss,,
Éta mah duka téh!!
“Bumina
da sepi ayeuna mah Mang, padahal lega pisan nya? lebar teu kaurus”.
“Da
lamun aya nu nempatan gé moal betaheun. Beda pisan hawana Neng! Baheula kan pas
mamah dagang di daérah dinya, lamun peuting téh keeung pisan matak lagu maghrib
sok tutup. Komo di lebah imahna, mereun geus panas tiris”.
“Terus
hubungana jurig kuda jeung Juragan?”
“Heeuh
gara-gara éta ogé mereun. Tapi teuing atuh Neng, bisi salah ngomong Amang mah!”.
Kabéhana
anteng deui kana tipi, cukup kunyaho wé tapi teu wani nanyakeun atawa
ngabéjakeun ka batur kumaha jeung saha nu mibogaan éta kuda. Baheula émang aya
kuda, tapi da paraéh. Lamun saur pa Haji, éta mah bisa-bisana sétan wé éta mah
nga bobodo manusa supaya sarieun.
(Rancaékék, 23 Maret 2013)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar